Powered By Blogger

Rabu, 23 April 2014

Antologi Sajak 2010 SITUS NAGRI LAYUNG



DOKUMENTASI
PASANGGIRI MACA SAJAK SUNDA SA-TATAR SUNDA
100_2019,100_4151a,100_4174a,100_2006a,100_2002a,100_4015a,100_9119.JPG,100_9332.JPG 





























Antologi Sajak
Pasanggiri Maca Sajak Sunda IX
SMA Pasundan 2 Tasikmalaya
2010

















PANGANTEUR

Wilujeng tepang deui sareng Pasanggiri Maca Sajak Sunda anu biasa dilaksanakeun rutin tiap taun di SMA Pasundan 2 Tasikmalaya. Perenah copong dina taun 2008, keun wé nu penting taun ayeuna aya deui nya ?, duh... tos kabayang, bakal tepang deui sareng dulur salembur oge dulur misah lembur, ngempel dina Acara Pasanggiri, heureuy deui, moyég deui, bérag deui, hayu ah ! 
Sugri dulur-dulur nu dilembur, baraya anu di kota, neda agung nya paralun neda jembar pangampura paneda hoyong sinaksén. wireh Pasanggiri Maca Sajak Sunda IX baris dilaksanakeun, kalayan hatur nuhun kasadayana, anu tos rumojong tug dugi ka Pasanggiri tiasa kalaksanakeun, utamina ka :

Kang Nunu Nazarudin Azhar (LANGARI)
Nu tos mang milihkeun  sareng ngempelkeun Sajak-Sajak
Anu dimuat dina ieu Antologi

KANGERI
Sepuh sim kuring saparakanca,
nu janten gunung pananggeuhan
TEATER KAPPAS

ka
A Efiss Alamsyah
Anu tos ngaropea Ieu Antologi



Kum we kasadayana, hatur nuhun….hatur nuhun!


Nu perenah jadi Pinunjul ka 1 PMSS di SMA Pasundan 2  Tsm.

No.
Taun
Katagori
Ngaran Patandang
Sakola Asal

1


2


3




4




5




6




7

2002


2003


2004




2005




2006




2007




2009

SMA
SMP

SMA
SMP

SMA
SMP
SD JAJAKA
SD WANOJA

SMA
SMP
SD JAJAKA
SD WANOJA

SMA
SMP
SD JAJAKA
SD WANOJA

SMA
SMP
SD JAJAKA
SD WANOJA

SMA
SMP
SD JAJAKA
SD WANOJA

DIAH  MUSTIKA
SILVIA DEWI

SILVIA DEWI
YANTI

SILVIA DEWI
DWI ALIYA
ADE
NIKEU HERAWATI

SILVIA
TESA
RIZAL NURDIANA
RENA KURNIA

ISTI LESTARI
ANNISA
ALFATH
PENI SARAH

Rose


Yola

Novi
Magdalena
Novrizal Ahmad  Fauzi
Anisa  Julianti

SMA PASUNDAN 1 SMPN 1 Kawali

SMA N 1 Kawali
SMPN  1 Cipaku

SMA N 1 Kawali
SMP N 2 Tsm.
SD Bojong 1 Tsm
SD Saguling Cms

SMA N 1 Kawali
SMPN 1 Ciamis
SD Jalatrang Ciamis
SD Jalatrang Ciamis

SMA N 1 Kawali
SMPN 1 Cipaku Cms
SD Sukasari 1
SD Karangpawitan 1

SMA N Kawali
SMPN 1 Ciamis
SD Perumnas 2 Tsm
SD Manangga 2 Tsm

SMA N 1 Kawali
SMPN 1 Kawali
SD Tawangsari Tsm
SD Benda 1 Tsm












Yus Rusyana

MAD HALIL

Saha nu wani ngalalakian Mad Halil
Bedul jadug nu geus garung
Ku bedog geus atah adol

Saha nu kakunang-kunang cara Mad Halil
Nu geus mopok tuan kontrak
Dicangkalak kalah galak

Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir bulé!

Mad Halil bakéro
Ku Jepang diuber-uber teu beunang
Wah pék baé bénjol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir katé!

Jaman révolusi Mad Halil asup pasukan
Der barudak, déwék gé siap jero barisan

Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Ali jendil nyekel bedil
Sabiluloh dak!

Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Gempur dak, gempur!
Tah caduk aing hakaneun sia anjing nika!

Patroli mana nu teu sowak ngadéngé ngaran Mad Halil
Mad Halil godperdom!
Ku pélor gé henteu kojor!

Hayoh dak
Engké ku déwék dipangmetingkeun widadari nu jekékan
Da déwék mah geus ompong geus teu teurak nyetrok térong

Mad Halil jenatna Mad Halil
Beunang ku patroli di Cibarégbég
Awakna dipancir ku tangkal sélong
Ditémbak lebah elak-elakanana
Jedar!
Euak, cuah!
Haramjadah!


Pameungpeuk, 2 Agustus 1963           
                                                                                                                                                                                                                                    
                                                                                                                                                                                                15

Situs Nagri Layung

Antologi Pasanggiri Maca Sajak SMA Pasundan 2 IX
2010
                                                                                                            
SD:
1.               Hujan di Buruan – Hadi AKS......................................     1
2.               Bulan – Rahmat M. Sas. Karana ................................    2
3.               Du’a - Risnawati...........................................................       3
4.               Sunda – Eddy D. Iskandar............................................    4
5.               Sarakan Urang – Ino Misno ........................................     5
SMP
1.               Sajak Bajidoran – Étty RS ...........................................    6
2.               Dongéng ti Nagri Manaboa – Rosyid E. Abby ...........  7
3.               Tarawangsa – Toni Lesmana  ......................................   8
4.               Ésih Ngadu’a – Darpan Ariawinangun .......................   9
5.               Ambu – Téddy A.N. Muhtadin ..................................  10
SMA
1.               Situs Nagri Layung – Godi Suwarna .........................  11
2.               Riwayat Hiji Lembur – Nazaruddin Azhar  ................  12
3.               Galunggung – Wahyu Wibisana ..................................13
4.               Kukupu: Jungjunan teu Geura Sumping –
 Dian Héndrayana  .......................................................14
5.               Mad Halil – Yus Rusyana ............................................15





Sajak dipilih jeung disusun ku
Langari (Panglawungan Pangarang Kiwari)




Sajak pikeun SD/MI


Hadi AKS

HUJAN DI BURUAN

Hujan di buruan
lain cimata
tapi kakelar nu tinggarendang
na daun-daun pandan

Di dieu aya kénéh angin
nu ngalaong ti tungtung lembur
basa peuting beuki jauh
haté dibawa tilem laun-laun

Geura reureuh ka dieu
kana liliuh peuting
unggal mata nu katideresa
atawa impian nu kalunta-lunta

Hujan tinggal sesana di buruan
tapi aya kénéh kalangkang bulan
jeung langit beresih
dina riak cileuncang

1996







1


Dian Héndrayana

KUKUPU: JUNGJUNAN TEU GEURA SUMPING

Sumping deui kukupu gegeleberan. Cara sasari, nepangan téh
Bangun nu kedah baé muru wengi. Lah, da tos kajudi barina gé,
Enung. Moal teu kebek ku iber perkawis salira nu tangtosna
Sami nuju anteng mikangen.
“Geutah téh teuing ku cepel, Engkang, da kageugeut geuningan
nambihan bae,” kitu nu katampi tina rindatna soca kukupu.
Dilelekan ti awit sumping tug dugi kana sababaraha kali eunteup
Lebah rérégan, bet kukupu taya reureuhna hariweusweus nalatahan
Séwuning kakangen salira Enung, “Katampi, Jungjunan, éstu katampi.”

Bet kalah sumping angin peuting ngahiliwir. Ngeleterkeun rérégan
Sina anteng ririaban. Laju kapireng soanten Enung ngagentraan ti
Buruan. Dituturkeun ku lelembutan, paneuteup geus miheulaan eunteup
Na’ rérégan, “Kutan, naha ka mana ilangna kukupu nu bieu datang?”

Bet rérégan kalah anteng ririaban


Pébruari 2003
14



Wahyu Wibisana

GALUNGGUNG

Andekak tuur mumunggang dina jandéla
loma pisan. Lawas urang saampar carita
jaman hérang panon tuluy blung-bleng kanon
saréngséng beusi révolusi ngukuprak ngungsi.
Mangsa ruhak imah getih hayam jeung jelema
pada beureum diceungceurikan kembang wéra
ditéma ku kawah bubura luah panas
teu pajauh urang. Paadu tuur jeung catur
nepi ka mangsa manéhna itu jadi tatangga
kapireng omong gedig jeung gorowokna
(beuki ngarti urang téh angger cara baréto
sageuy guntreng urang bisa jadi gero diwaro)

Andekak tuur mumunggang dina jandéla
sono pisan. Urang tuluykeun carita baheula
meungpeung teu hujan dina waktu hujan naon ayeuna?
Ibun-ibun kahalimunan lir kecap-kecap urang
nyarumput dina pelong aduh ieung ka sorangan.
Hég urang pendem angen-angen jaradi dongéng
ngayang dina hiji lahan jaman kiwari:
aya urang ngalalakon di dinya jadi sakadang
ngajak mésem kana bohakna cadas gawir wétan
Bandung Jakarta mah di kulon moal rék nangenan
(beuki surti yén urang téh angger kieu
aya dina lalakon saules sumuh jeung baeu)

Pituinten, 070497





13



Rahmat M. Sas. Karana

BULAN

Teuteup ka langit
ka bulan bunder keur imut
béntang rapang sidéngdang di langit lénglang
Barudak ulin di buruan

‘Na beungeut bulan nu ngempur konéng
aya kalangkang ngelemeng hideung
Nini Antéh jongjon muter-muter kincir
ngawiletan kantéh tinuneun
kapasna méga nu bodas        

Lila temen Nini Antéh teu daékeun eureun-eureun
ninunna mani ngadeluk
lawonna meureun geus numpuk

Upama ninun geus parat, Nini
turun ka dunya bawa lawon masing loba
jang budak nu keur gobag ditaranjang
sing walatra bagi sabajueun séwang


Pangandaran, 1964










2



Risnawati

DU’A

Gusti,
Kongkorongan ieu haté
ku borélakna siki tasbé
jeung dzikir na unggal lilir
sangkan teu bisaeun mungkir
kana hakékatna takdir

Gusti,
céboran ieu rasa
ku weningna ayat Qur’an
jeung luhurna darajat iman
sangkan ajeg na tangtungan
muntang ka Anjeun Nu Maha Héman

Gusti,
papaésan ieu raga
ku éndahna ahlak mulya
jeung léngkah nu ngawirahma
sangkan diasih sasama
sangkan hirup nyanding bagja

Gusti,
ieu haté, ieu rasa, ieu raga
kuring teu ngaboga-boga.








3



Nazaruddin Azhar

RIWAYAT HIJI LEMBUR

ieu lembur diwangun sanggeus durukan pareum
lebah pasir nu sumerah jadi lahan pasaréan
tatangkalan ajeg, solokan nyalingker hening
kuda-kuda dangah nyeuseup hawa sampalan
nu nyambuang ti landeuheun

maranéhna ninggal kolébat cahaya na daun séréh
pucuk salam, iwung awi konéng, jeung tapak hujan

dua-tilu urang ti antara salapan kamulyaan
ngagurat lemah ku kujang
saguliweng bulan turun mapay haseup parukuyan
tilu béntang gumenclang dina tayung  juru tilu

“sang guriang tunggal di mandala bale agung
tarima pangbakti kami...”

kidung usum nungkus talun
aweuhan manjang na pantun
pétak-pétak huma jeung layung
pasemon nu sarwa gandrung

lajuning cahaya
réwuan sumbu patumbu hurung

riwayat dicatet sora
nyipta raratan carita

anjog kana jentréng panungtun
kadeudeuh ki juru pantun

“ieu kota diwangun
……….
tapi hamo bisa nyirnakeun
carita fana nu cikénéh dicaturkeun...”


2009                                                                    
                                
                                                                                                             12


 Sajak pikeun SMA/SMK/MA
Godi Suwarna

SITUS NAGRI LAYUNG

dina hiji soré, sanggeus ringkang gararing digarang beurang
geuning anjog kalangkangna ka lawang leuweung karamat
létah nu karasa hangit ukur ngelun ngalisankeun sampurasun
dirampésan ku séah sora turaés, dihiap-hiap tonggérét
lalaunan rérégan mimiti peuray tina kalbu nu ngabatu

nincak lawang sakéténgna asa hanjat kana umpakan halimun
sirah ngebul; aksara jeung angka-angka, ringkang mojang,
sajak nu tacan parat dirumat, séwu rusiah nu teu kateguh,
sesebitan kayakinan, jadi saab tingkalayang tina tarang
kaseuseup ku rénghap daun, namper jadi bukur jempling

ngaligincing ngukur kujur tengahing dingding kakayon
jangkung mana tungtung hulu nu kungsi nyuhun purnama
jeung pucuk-pucuk kadaka nu antaré nyusud imut panopoé
geuning beuheung bet koropok balas nananggeuy babatok
nu beurat da leuwih rembet alahbatan sahunyudan alimusa

cunduk ka puseuring leuweung kagembang jumblengan waktu
kapireng kawih bihari gumalindeng ngaludang sakur katineung;
ngukir-ngukir kalakay katut sirungna, natah batu jeung lukutna,
nyusun ruruntuhan angin, nangtungkeun catang jeung pangpung,
ngajanggélék jadi hiji nagri agréng pangimpungan gebur layung






                                                                     



11




Éddy D. Iskandar

SUNDA
( keur Rahmat M Sas Karana)

Pancuran, pancuran  kula
walungan, walungan  kula
lautan-lautan  kula

cikahuripan
awaking

Tanggal bagja tangkal tengtrem
daun hirup daun hurip
sawah deudeuh sawah nyaah

sukma waluya
ngajega

Taneuh maneuh taneuh galeuh
jeg ajeg tohaga raga
dicangcang ku sora degung
ditenung ku sora degung
diélingan cianjuran

hung ahung
nganteng na jajantung








                                                                                  4

Ino Misno

SARAKAN URANG

Tina kasémahan deungeun
Jadi pahili angeun
Dayeuh dirajah
Sémah jadi ngareunah

Dayeuh maneuh kadeudeuh
Sarakan urang
Digadabah
Jiga nu teu boga peurah
Lamun nu boga imah
Tepi ka kudu ingkah titirah

Mangkadé,
Gancang geura nguniang
Ulah tibra saré
Bisi ku sémah kapépéndé.








   









5
Téddy A.N. Muhtadin

AMBU

Lain indung mun teu surti kana jerit batin hiji lalaki.
Jerit nu mo gampang ditembrakkeun.
Jerit nu ngancik di satukangeun lalangsé haté.
Jerit nu ngaweuhan tur muni dina dada Ambu sorangan.

“Naha ieu téh geter purba
Atawa ukur pucuk awi nu béngbatan?”

Guruminda ukur tungkul.
Socana tembus ka Buana Panca Tengah.
Tapi bet matak hélok,
Aya mangpirang Ambu ngagupay di saban madhab.

“Ulah samar anaking,
Ambu ngeunteung di sakumna wanoja
anu ngeungkeuy ti garba ka pajaratan.
Moal eureun Ambu ngeunteung,
Méméh alam burakrakan.”

Simpé sakedapan.
Tapi Guruminda taya manah ngudar sila.

“Ulah ringrang anaking,
Saban eunteung nungtun jalan ka Ambuna.”
“Bral!”


2005







10
Darpan Ariawinangun

ÉSIH NGADU’A

Ésih ngadu’a sangkan indung bapana léah
Daék ngawinkeun manéhna ka Otong tukang lisah
Lantaran Otong geus ngirim surat rusiah
Anu unina singget pisan
Terus terang Otong terang terus

Ésih nyuhunkeun hampura ka Gusti
Lantaran geus ngalamun katalanjuran
Nyipta Otong nunungtun domba
Diiring-iring mentri Kabinét Gotong Singa
Rék sésérahan tuluy ngawin Ésih kakasih satia
Tapi bet aya spanduk ageung pisan
Dukung Otong, calon bupati siap korupsi

Ésih sumegruk ka Gusti
Bari nganaha-naha jeung teu ngarti
Naha Otong hésé akur jeung calon mitoha
Padahal Otong lalaki jeung Ésih awéwé
Kawas Adam jeung Hawa nu dilungsurkeun ka dunya
Bari teu dibekelan brosur keluarga berencana

Ésih sumegruk: piraku Gusti julig ati!

2004











9
Sajak Pikeun SMP/MTs


Étty RS

SAJAK BAJIDORAN

Gitek saha nu miteskeun dahan angen
dina ketak nu teu nyampak tepak kendang
basa lagu dikungkung laras, bet nguniang
wawanén ngamaénkeun nu disengker kahéngkér
‘na gumuruh gamelan nu ditalikung wiletan

‘na saha nu ngaheumpeungkeun sora goong
‘na saha nu madakeun lagu silung
lebar temen mun ringkang tinggal dangiang
bongan ibing dipirig gending teu manjing
aya laras katambias ‘na ulekan
ulekan kateuyakinan kana kaluhungan ciciptan

Geus mangsana urang ngababakan
dina cangkingan budaya nu pinuh tangtungan


Bandung, Oktober 2003














6
Rosyid É. Abby


DONGÉNG TI NAGRI MANABOA

Aya nu ngajual kamanusaan
mangsa tirani ngabuburak iman

Aya nu téga korupsi
mangsana usum babagi rejeki

Aya nu werat nelasan pati
mangsana urang kudu ngahiji

Mangsa batur keuna cocoba
urang mah riweuh ngatur-ngatur sawala

Hasilna dirumus-rumus
ukur cukup keur ngeusian kamus

Sababaraha patalékan jeung pasualan
ngan wungkul jadi catetan

Wungkul jadi catetan


Tasikmalaya, awal 1993












7
Toni Lesmana

TARAWANGSA

Peuting meuleum sajak
Dina parukuyan
Kebul-kebul
Tarajé ka alak paul

Wirahma langit
Jeung bumi. Sanget temen
Nu mangkat
Angseu taneuh jeung seungit matapoé
Dijentréng-jentréng
Dikését-kését

Kacapi parahu waktu
Rebab pangwelah rasa
Di tengah laut igelan. Reundeuk
Ulah teuing dipanteng
Sina ngangkleung, kleung
Ieung, kuring palid ka mana boa
Nyawang jangjang pulas panén
Aya nu usik, boa karémbong

Leungeun-leungeun gaib
Ngaléng batin. Ngajak lumampah
Mapay-mapay galengan implengan
Sapanjang bulan purnama

Baeu, Nyai Sri
Ieu kuring, ieu asih








8

Tidak ada komentar:

Posting Komentar